Ini ada sebuah carpon basa sunda, dii baca yahhh ...
Sora piriwit ditiup semu ngalengis.
Rieg, karéta
ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa
ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep
isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara
ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka
Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur
nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung
maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.
Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla.
Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku
hareupeun noél kana pingping lalaunan.
“Punya api, pa?” cenah.
Sakedapan
Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut konar.
Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah
dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong
hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung
cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis
gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan
Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna, dicalana blue jeans belél,
soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari
rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.
Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy
diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong
nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.
“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut
Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga
pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi
ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy
silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara
wéh silih tanya ngaran.
“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang
bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama
yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink
van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang
ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari
nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah
geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko
jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani
nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.
Terimakasih atas perhatiannya karena sudah mau membaca carpon ini ..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar