Assalamuallaikum. Wr. Wb.
Bapa Wakil Kapala Sakola Bidang Kasiswaan anu ku simkuring dipihormat.Para KM ti tiap kelas SMP Negeri 16 Bogor.
Alhamdulilahi rabbil'alamin. Puji sareng sukur hayu urang haturkeun ka Alloh swt. Nu ngawasa ieu alam. Salawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw., katut ka para kulawargana, sahabatna, sareng urang sadaya salaku umatna.
Simkuring salaku pupuhu atanapi katua OSIS SMP Negeri 16 Bogor ngahaturkeun nuhun kana kasayogian Bapa sareng para KM ngahadiran ieu acara. Pamugi kasaean Bapa miwah para saderek janten amal ibadah nu ditampi ku Alloh swt.
Sakedap deui urang bakal mendakan deui kaping 2 Mei. Kaping 2 Mei teh nyaeta hari Pendidikan Nasional tea. sakumaha biasana disakola urang, SMP Negeri 16 Bogor, tiap taun dina raraga mieling hari pendidikan nasional teh sok ngayakeun lomba cerdas cermat. Rupina dina taun ieu oge eta tradisi teh bade dihirupkeun deui.
Kumargi kitu, kalayan widi sareng pangaping ti Bapa kalih pangrojong para KM, dina dinten ieu urang sasarengan nagtoskeun panitia cerdas cermat taun 2014. Anu kaleresan kapilih janten panitia pamugi kersa nampi amanat ti sadayana warga SMP Negeri 16 Bogor.
Upami tea mah nu kapilih teh kirang percaya diri pedah teu acan pangalaman janten, ulah hariwang. Bapa Wakasek Bidang Kasiswaan sareng sadayana murid SMP Negeri 16 Bogor bakal ngarojong. Anggap wae ieu teh sarana kanggo diajar berorganisasi. Diajar teh kapan kacida pentingna. Diajar teh sanes mung ngalangkungan maca sareng ngupingkeun pangajaran ti para guru wae, tapi tiasa langsung praktek duna kahirupan sapopoe.
Tah, rupina sakitu wae bubuka ti simkuring. Kirang langkungna neda dihapunten. Pamugi ieu maksad urang teh sing kenging pituduh ti Alloh swt, Aamiin...... Hatur nuhun. Wassalamuallaikum. wr. wb